Jumat, 25 Maret 2011

Mang Koko- WENGI ENJING TEPANG DEUI.wmv




Bangkarak Katineung


( Tina Kumpulan Sajak Kalakay Mega )


Ukur Bangkarak katineung nu kapanggih
Di Basisir hate lebah dungus waktu nu meh lukutan
Kasampak diri lamokot ku geutah kahirupan
Tur Cipruk ku cimata nu mangrewu taun ngamalir


Gusti ...Ngojayan talaga cinta na sajadah
Sujud jeung ceurik nanah teu mampuh
nga bebenjokeun diri nu gundam kasalira
Najan Rumasa...
Geus Dursila ti jalan Muhammad

Jabal Rcahmah taya kendatna ngagero
Rupaning kalbu . Karungu seah talbiyah nu wening
Mapakan Ombak jeung lambak hawa nafsu
Nu ting jelegur dina jero dada
Muja gunung karang dunya barana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar