Sabtu, 12 Maret 2011

Babasan jeung Paribasa

          Dina ieu tulisan aya sababaraha conto Babasan jeung pari basa nu biasa dilarapkeun dina kekecapan sapopoe anu kadang urang teu apal jeung kamana maksudna tina eta babasan jeung pari basa teh.
Pikeun urang sundamah ieu babasan teh kalintang urang perluna pikeun apal kana hartina sangkan urang teu kabelejog dina ngalarapkeun nana.

Aya sababaraha conto babasan di handap ieu .
- Abang - abang lambe
hartina nyarita ukur pikeun ngagenahkeun hate batur wungkul anu teuterus jeung hate atawa teu jeung prakna  ieu babasanteh sakapeung robah ungkaranana jadi ukur lambe.

- Abong biwir teu di wengku .
Kecap wengku dina ieu paribasa maksudna Palipid barang anyaman ( Boboko, nyiru, cecempeh, tampir ) di sakurilingeun sisina sangkan jadi weweg.

Ari biwirmah memang teu make wengku jadi bisa di punyan penyon sakahayang, maksudna bisa jeung laluasa dipake ngedalkeun omongan kumaha wae .

Ieu paribasateh sakapeung ungkara sokdi tambahan jadi abong biwir teu di wengku , abong letah teu tulangan , tu merap kajalma nu ngomongna sakarep - karep ( teu jeung wiwaha ) nu ngingetkeun bakal kumaha pibalukareunana pikeun batur nu penting asal di sada.

- Adam lali tapel
Maksudna Nabi Adam Lali maksudna kana ragam hormat, Tapel wates / Wewengkon  Lamun Strukturna sina lengkep Adam lali kana tapel wates anu hartina Adam poho kana wewengkon.

Ieu paribasa sok dilarapkeun ka jalma anu poho ka lemah cai sorangan.

 - Adat kakurung ku Iga
Adat maksudna tabeat , ungkara kakurung ku iga nuduhkeun aya dina jero iga , ari igateh nyaeta bagian awak urang di sisi kenca jeung katuhu , antara dada jeung tonggong handapeun kelek luhureun cangkeng .
Tabeat hiji jalmateh di papandekeun aya dina jero iga geus kasawang kumaha hesena ngarobah pasipatan hiji barang anu aya di jero awak , ieu paribasa ngandung harti adat tabeat atawa kabiasaan goreng anu geus maneuh tur hese di piceuna.

- Ngajul Bulan ku asiwung.
Asiwungteh nyaeta kapas meunang meresihan jeung meunang meteng , biasana keur kaperluan mulasara mayit  ku urang geus kasawang , Bulanmah moal bisa di ajul ku asiwung , lantaran tempatna oge sakitu jaunhna , jeung deui asiwungteh leuleus moal bisa di pake ngajul .

Ieu paribasa teh hartina boga ka hayang anu pamohalan bisa kalaksanakeun , atawa nyieun tarekah anu mubadir , moal ngadatangkeun hasil .
Pari basa lianan Mesek kalapa ku jara,
Anjing ngagogogan kalong
Piit ngeundeuk - ngeudeuk pasir Jogjog neureuy buah loa.

- Di Piamis buah gintung.
Gintungteh ngaran tangkal , buahna di sebut Gadog , najan pi kabitaeun tapi saenyanamah teubeunang di dahar  hartina ieu paribasateh, di sangka hade atawa bageur , ari heg bet sabalikna.

- Asa tungkeb Bumi Alam
Bingung lantaran nyanghareupan pasualan anu beurat.

- Ati putih badan bodas . hartina beresih hate.

-

1 komentar:

  1. Best casino in the US: 2021 Best casinos - The jtmhub.com
    Play at 서귀포 출장안마 trusted 오산 출장샵 USA online 경상남도 출장안마 casino. Learn 삼척 출장마사지 about the casinos you can play, promotions and 원주 출장샵 other casino games.

    BalasHapus