Senin, 24 Oktober 2011

SERAT TENGAH PEUTING

 oleh Lufthie Kiwari pada 24 Februari 2011 jam 22:31

Bulan geus ngulincer ka beh kulon..mega-mega tinggarudat
mendung nu ngagimbung ti sore keneh geus dibakutet hawa peuting disimbut kasimpe...
Harewos taneuh ngamalis ti pasir nu tuluy dihuru kaketir
Pucuk awi ting garupay tina rungkun nu ngabelegbeg lebah landeuh
Ramo-ramo halimun ngagapuy lebah jukut nu kabulusan
Angin tuluy kakalayangan bangun kingkin...taya kadang nu bisa diajak cumarita...
Ti kajauhan..pakampungan lir kotak-kotak nu napuk na hambalan
Warna warni cahaya nu nyaliksik kasang carang,,
ngitung batu nu balatak na wates buruan...geus lila temen panto-panto
nutup kalbu..kekebul katut ramat lancah mapaes bangbarung nu cipruk ku kapeurih....

Sabot anjeun ngoleang...kamar-kamar beuki rupek..hate teu kendat guligah
jarum-jarum waktu narojosan rocop na jeroeun bayah...hate karasa direrab kasono
awak teu puguh laku kawas keusik kabawa caah..teu walakaya bangun taya tanaga
Lampah bet jadi leumpeuh..sirah jadi suku..suku jadi sirah...mata jadi panon..panon jadi mata..
ketak ka hareup teu incah tina lakuning niat jeung lengkah...nutur laku mapay lacak jatining diri
Rek lumpat kamana..taya tempat pangrereban..rek miang kamana rumingkang kesengker ku jirim
dikukuntit kalangkang..hamo bisa nyumput tina tapak....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar